pada tanggal
TEKS PIDATO
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
ابسم ا لله ارحم حمن ا لرحىم
Made Elmu Tauhid Eta Aya 10
1.
حد(
patokan ) Deinisi
Ø Ceuk lugot/bahasa
وهوا لعلم بان شىءواحد
Hartosna :
Nyaho
kana saeunya perkara eta anu hiji
Ø Ceuk istilah
وهو علم يقتدربه على اثباةعقا ءىد الد نىة مكتسب من اذلتها اليقينية
Hartosna :
Elmu
anu narima bisa ku eta elmu pikeun netepkeun pirang-pirang akidah bangsa agama
anu dikasab tina pirang-pirang dalil anu bangsa yakin.
2.
موضع ( materi/bahasan)
Ø Dzat Allah sok di sebut aqidah uluhiyah
Ø Dzat para rosul sok di sebat aqidah
nabawiyah
Ø Dzat makhluk sok di sebut aqidah sam’iyah
3.
ثمره
(buahna)
Ø Ma’rifat ka allah jeung ka rosulna kalayan
make pirang-pirang dalil anu yaqin
Ø Menang kabagjaan anu abadi di akherat
4.
فضله
(kaunggulan)
Panmulya-mulyana pirang-pirang elmu
lantaran elmu anu cumantel kana dzat allah jeun rosulna jeung kana dzat makhluk
anu geus di dawuhkeun ku allah jeung rosulna kalayan dalil anu mutlaq.
5.
نسبة (persambungan)
Elmu tauhid di anggap tangkalna, sedengkeun
elmu anu sejen dianggap buahna,
6.
واضع
(penyusun)
Ø Abu hasan Al-Asy’ari
Nyaeta ali bin ismail bin basar ishak bin
salim bin abdullah bin musa bin dilal abi urbato bin hasan al-asy’ari.
Ø Abu mansyur al-maturidi
Nyaeta muhammad bin muhammad bin muhammad
7.
اسم
(ngaran)
1. Elmu tauhid
2. Elmu kalam
3. Elmu aqoidul iman
4. Elmu ma’rifat
5. Elmu aqo’id
6. Elmu usuludin
7. Elmu hakekat
8. Elmu uluhiyah
8.
استمداد
( panyokotan)
Ø Dalil aqli
Ø Dalil naqli
9.
حكم
(hukum)
Ari hukum ngaos elmu tauhid eta fardhu ain,
dasarna firman allah Q.S Al-baqoroh ayat 21 :
يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ ٱعْبُدُوا۟ رَبَّكُمُ ٱلَّذِى
خَلَقَكُمْ وَٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
10.
مساءىل
(masalah)
Ari masalah
anu dibahas dina elmu tauhid nyaeta :
Ø Wajib ceuk akal
Ø Mustahil ceuk akal
Komentar
Posting Komentar